Latihan Soal Guguritan



Kelas :..................
 

Wasta:..................
 


Latihan Soal Guguritan

Pék pilih a,b,c atawa d, dina jawaban anu bener ku tanda (x) !
1. Guguritan asalna tina kecap gurit, tina basa .................. ; Grath anu hartina nyusun karangan
a. Kawi
c. Sansekerta
b. Latin
d. India

2. Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan ...................
a. Novel
b. Carpon
c. Sajak
d. Pupuh

3. ................... kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku patokan anu tangtu, nya eta Patoka pupuh
a. Puisi
b.Guguritan
c. Sajak
d. Pupuh

4.  Pupuh ........................... watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan
a. Asmarandana
b. Sinom
c. Kinanti
d. Magatru

5. Pupuh ................watekna bungah atawa agung.Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan
a. Asmarandana
b. Dangdanggula
c. Kinanti
d. Magatru

6. Guguritan mah wangun karangan pondok. Contona guguritan karya ..................... (1852-1930) aya nu panjangna nepi ka 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada. 
a. Yosép Iskandar
b. Agus Mulyana
d. Hidayat Suryalaga

7. Guguritan biasana nyaritakeun ................................, papatah hirup, jeung kereteg haté pangarangna.
a. Latar
b. kaéendahan alam
c. Politik
d. Komedi

8. Seni nganggit guguritan maké pupuh téh salah sahiji kamekaran tina ................ anu geus matok. Guguritan dijieun bisa dikasang tukangan ku karesep, kaayaan haté, jeung kereteg pangarang nu keur karasa harita.
a. rumpaka lagu
c. rumpaka pupuh
b.  rumpaka carita
d. rumpaka wawacan

9. Maca guguritan téh biasana ................. ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh asmarandana
a. dihariringkeun
b. teu maké lagu
c. dijero haté
d. diilo

10.Kumpulan guguritan anu munggaran, anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku Guguritan ..................... ku Yus Rusyana (1995), Ring-ring Ciawaking Wahyu Wibisana (1999), jeung Jaladri Tingtrim ku Dyah Padmini (2000)
a.Raja Pati
c. Naék Haji
b.  Nitip diri
d. Munggah Haji 


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Latihan Soal Materi Drama

LATIHAN SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)