Latihan Soal Materi Drama

Latihan Soal Materi Drama
Kelas 9 Pangajaran Basa Sunda
Pék pilih a,b,c atawa d, dina jawaban anu bener ku tanda (x) !
1. .......................... nyaéta cara midang di panggung merankeun tokoh carita, kaayaan awak, tipe watek, sikep, gerak awak (gesture), jeung umur nu diperankeun.
a. Téhnik ngeusian
c. Téhnik muncul
b. Téhnik méré tekenan
d. Téhnik nyusun klimaks

2. ................................ nyaéta cara pamaén merankeun drama bari ngajiwaan peran katut eusi caritana
a. Téhnik ngeusian
c. Téhnik muncul
b. Téhnik méré tekenan
d. Téhnik nyusun klimaks

3. ..................... tekenan nyaéta cara pamaén midangkeun carita ku cara nekenkeun babagian carita nu dianggap penting ku sora nu bedas, ngagorowok, jsté.
a. Téhnik ngeusian
c. Téhnik muncul
b. Téhnik méré tekenan
d. Téhnik nyusun klimaks

4. ................ nyaéta poko pikiran nu aya dina eusi carita. Jadi hidep bakal bisa ngayahokeun lalakon drama naon nu bakal dipintonkeun sabada maca atawa ngalalajoan éta lalakon tepi ka tamat..
a. Mélodrama
b. Protagonis
c. Téma
d. Galur

5. Palaku utama nyaéta palaku nu nyekel peran utama dina carita ti awal nepi ka ahir, biasana ogé disebut palaku ..........................
a. Palaku
b. Antagonis
c. Protagonis
d. Watek

6. ................ téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nu nuduhkeun di mana éta kajadian téh lumangsungna. Ari latar waktu mah nu nuduhkeun iraha éta kajadian téh lumangsungna.
a. Latar
b. Galur
c. Palaku
d. Watek

7. .......................... nyaéta pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ka nu lalajo dina pintonan drama.
a. Latar
b. Galur
c. Amanat
d. Tema

8. Drama Sunda nu judulna “Rajapati” karya..................... .................
a. Wahyu Wibisono
c. Yosép Iskandar
b.  R Hidayat Suryalaga
d. Ahmad Bakri.

9. .............. nyaéta pangjajap kana carita drama nu ditepikeun saméméh lumangsungna carita drama dipintonkeun. Eusina mah diantarana katerangan ngeunaan tempat jeung waktu, ringkesan carita, jsb
a. épilog
b. Prolog
c. Dialog
d. Paguneman

10............... nyaéta bagian pamungkas dina lalakon, nu eusina méré koméntar nu leuwih jauh ngeunaan ahir carita, dialog nu diucapkeun ku salahsaurang aktor ka parapanongton dina ahir pagelaran carita drama.

a. Épilog
c. Dialog
b.  Prolog
d. Paguneman

Komentar

  1. sands casino review 2021 - Online Casino CA
    Sands Casino Reviews & Ratings. Learn about 샌즈카지노 their gaming หาเงินออนไลน์ options, games offered, deposit options, payout speed, game variety, customer deccasino support,  Rating: 4.2 · ‎Review by Stephen Keech

    BalasHapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

LATIHAN SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)

Latihan Soal Guguritan