LATIHAN SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)

Wasta: ...........................
Kelas:............................
Kaping.......................



LATIHAN SOAL PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)

TAHUN PELAJARAN  2017/2018

LAMBAR SOAL
Pangajaran                 :               Basa & Sastra Sunda
Kelas                             :               IX (salapan)

Pék pilih a,b,c atawa d, dina jawaban anu bener ku tanda (x) !
1. Novel nyaéta karangan nu wangun caritana paranjang. Novel SI Kabayan Karangan...........
a.Etti RS
c. Moh. Ambri
b. Tedi Muhtadin
d. Taufik Faturahman

2. Novel Sunda anu munggaran medal taun 1914 nyaéta
a. Nyi Roro Kidul
c. Si Kabayan
b. Patepung di Bandung
d.Baruang ka nu Ngarora

3.  Dina sastra Sunda aya Novel nu judulna Baruang ka nu Ngarora.  Saha nu ngarang novel  Baruang ka nu Ngarora?
a. D.K Ardiwinata
c. Moh Ambri
b.M.A Salmun
d. A.Yogaswara

4. ...............................téh carita rékaan (fiksi) anu méré kesan lir enya-enya kajadian sarta ukurana paranjang.
a.Carpon
c. Artikel
b. Novel
d. Dongéng

5. Nyarita di hareupeun balaréa disebut ………………
a. Béwara
c. Sawér
b. Biantara
d. Wawaran


6.     Babandingan anu perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh éntép seuereuhna, geus puguh surupanana, geus puguh pok-pokanana.
Disebut…………………
a.        cacandran                                                     c.  babasan
b.      uga                                                                 d. paribasa
c.        
7.       Ungkara Maksudna ninggalkeun pagawéan anu baku, ngalampahkeun pagawéan anu taya hartina...........
a. Moro julang ngaleupaskeun peusing
c.cul dog-dog tinggal igel
b. Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
d. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna

8.       Pakeman basa mangrupa siloka anu eusina tujuman kana parobahan penting kaayaan nagara dina hiji mangsa anu bakal kasorang disebut…………………
a. uga

c. cacandran
b.caturrangga

d.paribasa

Poé saptu tanggal 28 Juni 2015, SMP AA Disastra (11).............................. karya wisata ka Situ Wanayasa. Anu milu kana éta (12)................................. téh sakabéh siswa kelas salapan. Diaping ku wali kelas masing-masing jeung (13)..................... lianna.
Mangkat ti Purwakarta téh tabuh tujuh isuk-isuk. Heunteu lila ayeuna mah ka Wanayasa téh ku sabab (14).............................. leucir tos dihotmik. Tabuh dalapan tos dugi ka Situ (15)..................................
Salila di Situ Wanayasa parasiswa niténan jeung nyatetkeun rupa-rupa (16).............................. Parasiswa dibére waktu duwa jam pikeun niténan sabudeureun Situ Wanayasa. Parasiswa diwanti-wanti supaya henteu ngaganggu atawa (17).................................... tutuwuhan naon baé nuaya di Situ Wanayasa. Salian ti tutuwuhan parasiswa niténan (18)..................................... has Wanayasa nyaéta manisan pala jeung (19).................................................. has wanayasa.
Tabuh 11.30 parasiswa tatan-tatan sholat berjamaah di Masjid Agung Wanayasa. Rombongan (20).......................... deui ka Purwakarta tabuh hiji. Nepika Purwakarta tabuh tilu. Rada elat baliknamah henteu cara keur inditna diperjalanan diselang ku eureun foto-foto heula di kebon téh nu kaliwatan.

Pikeun no 11-20, eusian titik-titik wacana diluhur ku kecap anu merenah!
9.       Pikeun nomer 11 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. ngayakeun

c. ngarencanakeun
b.ngahadiran

d.ngalaksanakeun

10.   Pikeun nomer 12 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. piknik

c. kagiatan
b.dhrama wisata

d.karya wisata



11.    Pikeun nomer 13 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. kepala sekolah

c. pembina osis
b.wakil kepala

d.guru




12.   Pikeun nomer 14 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. sapatuna

c. jalana
b.mobilna

d.banna




13.   Pikeun nomer 15  kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. Wanayasa

c. Pondoksalam
b.Pasawahan

d.Pasawahan



14.   Pikeun nomer 16 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. sasatoan

c. kuliner
b.tutuwuhan

d.rupa-rupa kembang



15.   Pikeun nomer 17 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. motongan

c. nuliskeun
b.nincak

d.ngaruksak



16.   Pikeun nomer 18 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. kabiasaan

c. kadaharan
b.tempat wisata

d.budaya



17.   Pikeun nomer 19 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. saté maranggi

c. rujak pala
b.buah aromanis

d.gula Cikeris



18.   Pikeun nomer 20 kecap nu merenah nyaéta.....................................
a. angkat

c. mios
b.indit

d.mulang



19.   Karangan basa lancaran anu eusina ngaguar, medar, ngabahas atawa ngadadarkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan-katerangan nepi ka bubuk leutikna disebut……….
a. Argumentasi
c.Bahasan
b. Narasi
d. Deskripsi

20.   Maksudna ngalésotkeun barang anu geus kapimilik, lanataran kabita ku nu leuwih gedé (alus) padahal can tangtu hartina.................
a. Moro julang ngaleupaskeun peusing
c. cul dog-dog tinggal igel
b. Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
d. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna

21.    Maksudna ari aya banda (barang) anu diala hasilna, kudu daék ngurusna=...
a. Moro julang ngaleupaskeun peusing
c. cul dog-dog tinggal igel
b. Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
d. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna

22.   Ayakan mah tara meunang kancra=
a. paribasa wawaran luang
c. paribasa panjurung laku hadé
b. paribasa panyaram lampah salah
d. paribasa lampah hadé

23.     Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai=……….
a. paribasa wawaran luang
c. paribasa panjurung laku hadé
b. paribasa panyaram lampah salah
d. paribasa lampah hadé


24.     Nyarita di hareupeun balaréa disebut ………………
a. Béwara
c. Sawér
b. Biantara
d. Wawaran

25.   Sunda nanjung lamun anu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui =……
a. paribasa
c. rakitan lantip
b. babasan
d. uga

26.   Panginten ti ditu Nyai tiasa ........................ artos kanggo Ema, Apa sareng Ujang.
a. nyandak
c. ngintun
b. ngabantun
d. ngabatos
 
31.   “Sareng Ceu Karmi, Ceu Isah. Malih Ceu Mimi ................ Ma Onah ogé badé ngiring saurna.”
a. tuang putra
c. putrana
b. pun anak
d. anakna

32.Bangsa manuk ................. di sayangna. Sawaréh tinglalenggut, ngareureuhkeun kacapé sanggeus ngiplikkeun jangjangna ti isuk-mula, néangan hakaneun.
a. rarécét
c. haliber
b. sarukabungah
d. cindeteun


33. “Di langit panonpoé ngarayap ka luhurkeun. ................. parat ka dunya teu kahalangan ku méga bodas ipis nu endat-endatan.
a. Panasna
c. Purnama
b. Cahayana
d. Herangna




 











34. Suhunan di luhur disebut.............
a.Badak Heuay
c. Parahu Kumureb
b. Tagog Anjing
d. Jolopong

 










35. Suhunan di luhur disebut.............
a.Badak Heuay
c. Parahu Kumureb
b. Jolopong
d. Julang Ngapak

 












36. Suhunan di luhur disebut.............
a.Badak Heuay
c. Tagog Anjing
b. Jolopong
d. Julang Ngapak


 











37. Suhunan di luhur disebut.............
a. Julang Ngapak
c. Tagog Anjing
b. Jolopong
d. Badak Heuay


38. Bari ngareureuhkeun kacapé lantaran macul ti subuh mula, bapana Si Nyai ..................... kana tihang saung.
a. caket
c. ngalahun
b. nangtung
d. nyarandé

39. Novel “Baruang ka nu Ngarora” karangan.................
a. Aam Amelia
c. Taufik Faturachman
b. Joehana
d. D.K Ardiwinata

40. Carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian sarta ukuranan paranjang disebut..........
a. Novel
c. dongéng
b. Carpon
d. roman

41. Novel karangan Taufik Faturohman nyaéta.................
a. Galuraning Gending
c. Lain éta
b. Patepung di Bandung
d. Baruang ka nu ngarora

42. Asupna novel kana sastra Sunda téh mangrupa pangaruh Barat ngaliwatan basa............
a. Indonesia
c. Walanda
b. Arab
d. Inggris

43. Novel munggaran anu terbit dina basa Sunda nyaéta.............
a. Galuraning Gending
c. Lain éta
b. Patepung di Bandung
d. Baruang ka nu Ngarora

44. Bangun tanduk munding anu melengkung rubak ka gigir disebut...........
a. sanggadulang
c. dongkol
b. rangggék
d. leker

45. Kuku kuda nu sok diterapkeun beusi di handapna disebut................
a. talapok
c. cokor
b. cékér
d. siih

46.Istilah tutuwuhan, kembang cau disebut .............................
a. bosongot
c. aléwoh
b. jantung
d.olohok

47. Istilah tutuwuhan, kembang bako disebut .............................
a. bosongot
c. aléwoh
b. eumbreuk
d.olohok

48. Bagian tina tangkal anu biasana sok jadi buah, loba anu alus rupana jeung seungit disebut......
a. ligar
c. kamanilan
b. mangkak
d.kembang

49. Istilah tutuwuhan, daun kembang maruragan disebut................
a. ligar
c. kamanilan
b. mangkak
d.sintung

50.Rentang-rentang ti kajauhan pamajikanana katempo datang. Ngais ............. jeung ngajingjing .................

a. rantang --- téko
c. boboko --- rantang
b. gembolan --- téko
d. boboko --- téko

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Latihan Soal Materi Drama

Latihan Soal Guguritan